Rabu, 31 Maret 2010

Nyerenkeun bakal panganten

Assalamu'alaikumwr. wb

Alhamdulillahilladzi ahallan nikah waharroma sifah. washolatu wassalamu 'ala rosulillah wa'ala alihi washabihi wamawwalah amma ba'du

Pujiining ati anu wening unggal detik disarengan sumerah ikhlas mangga urang sami-sami sanggakeun ka Allah Swt. anu murbeng alam.

Sembahing sukma anu setra, unggal nafas urang sanggakeun ka dzat Allah anu maha luhur Allah anu maha kawasa, luhur teu ka wengku ku usum kawasa teu kasengker ku wates, sadaya makhluk aya dina cecepenganana.
Sholawat sinareng salam miwah kawilujengan mugia nyaahan walungan cinta anu nyambung tur nutug kalautan kanjeng nabi Muhammad Saw, teu kakantun kairing kulawargina anu belapati salamina, shohabat sareng rencangna anu teuneung ludeung teu aya wates wangenna tug dugi kaurang sadaya ummatna anu saratia.

Dinten ieu simkuring dongkap seja dumeuheus ngalangkungan sillaturrahmimugi mugi ginanjar kawilujengan sapapaosna, kalih ti eta manawi bahan katampi, seja ngadugikeun kereteg maksad pun anak wastana ............................

Wireh sanggemna, kantos pateuteup patukeur tineung, palemek pacantel hate sareng putra kakasih.................................

Jauh teu burung cunduk anggang teu elat datang, maksad seja kumawantun manawi puruneun, tuang putra bade disuhunkeun supados sayogi janten pibatureun umah-umah pun anak.
Kilang kitu palias nyiduh kalangit reh rumaos, sanes bangban sanes pacing, sanes campaka aduna, wantun sotehmanawi sareng manawi kembang jambe kalanglangan, saupami kabiruyungan, kalayan kiwari simkuring seja nyanggakeun bakal panganten pameget wasta.................. buukna salambar getihna satetes, ambekana sadami tiluhur sausap rambut tihandap sahibas dampal kahaturkeun sapuratina.

Saur paripaos usum keueung pibatureun, mangsa sare keur mepende isinamah asa kalangkung da rumaos pun anak teh tuna harta sepi tinapangarti paripaosna henteu bodo bodo acan, tina sanes kanten kakiranganana mugia kersa ngama'lum.
Ieu mah landong lengoh kalempohan,nyanggakeun babantunan anu saemah pimanaeun hatur lumayan tawis xoca ti pun anak.

Pamungkas hayu urang muntang ka dzat Allah Swt. jumerit kanu maha suci neda jiad piduana mugia pun anak enggoning ngawangun rumahtanggana tiasa tetp renggenek sapapait samamanis, pinarengan pangasih pangjaring Gusti ,sakitu anu kapihatur bobo sapanon carang sapakan sihapunten anu kasuhun.

Hasbunallah wani'mal wakil
wassalamu'alaikum wr. wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar