Rabu, 31 Maret 2010

Nampi panganten

Alhamdulillahilladzi ahallan nikah waharroma sifah. washolatu wassalamu 'ala rosulillah wa'ala alihi washabihi wamawwalah amma ba'du

Kalayan kucuran hamdu ka dzat numaha luhur sinarengan inayah jeungmaunahna. Alhamdulillah dina enjung ieu urang sadaya tiasa petepung lawung paamprok jonghok patepang raraydina raraga sillaturrahmi di tempat ieu kangge nyakseni walimatul urusy, insya Allah sakedap deui ijba kobul bakal panganten bade dilaksanakeun.

Sholawat sinareng salam mugia dilelerkeun ka jungjunan panutan alamRosulullah Saw, amnusatuladaneun sadaya ummat anu dina hiurp huripna estuning picontoeun urang sadaya di alam pawenangan.

Teu kakantun kakulawargina anu belapati, sahabat sareng rencangna anu teuneung ludeung miwah ka urang sadayana salaku ummatna anu saratia.
langkung tipayun sim kuring ngahaturkeun nuhun kawawakil rombongan anu parantos ngadugikeunsagala pamaksadanana.
Kasauran katampimaksad kahartospisan mugia Allah anu mureng alam ngalimpahkeun kurnia na.

Nu cunduk muga rahayu nu nyampak muga waluya, kawanti simkuring bingah amar watasuta.wireh aya jajaka pinilih tanding nu kersa mileuleuheungkeun pun anak kanggo dijantenkeun bojona, manawi ieu teh prantos aya garis ti ajali, pun anak kenging bageanana, sapi anut na ka banteng pun anak dulang tinande sumerah seja bumela.

Kilang kitu daek semet purun wungkul dumeh kabaledog jodo rumaos tuna rumaos laip lieuk euweuh ragap taya semetnyanggakeun badan sakujur. keur batur ngatur hirup kapayun, kang putra ditampi kuastakilih kasangga kalingga murda.

Para ibu bapa sareng kulawarga bakal besan anu salamina mugia dimulyakeun ku Allah Swt. pajar teu jangjang teu jingjing pajar jonghok bari lengoh, geuning buktosna sakieu rebona ieu sadaya cacandakan silokaning pangais asih katampi ku astakalih kasangga kalingga murda mugi mugi tiasa ngajantenkeun tatali silaturrahmi diantawis urang sadaya kalayan kenging pangwales anu panaglipet ganda ti Allah anu murbeng alam.

Sakitu anu kapihatur, tulus langkung kepang halang bobo sapanon carang sapakan hapunten anu kasuhun
Hasbunallah wanin'mal wakil
wassalamu'alaikum Wr. Wb.


Semoga bermanfa'at bagi semua dan jangan lupa klik gambar di samping kanan. OK